Jumat, 01 Februari 2008

19 gulden

"Cep, naha nembe mulih?". Perkataan tersebut keluar dari seorang bapak pengendara ojek yang sangat ramah. Kemudian beliau melanjutkan,"nuju sibuk naon cep?". Saya pun menjawab, "Nuju nyiapkeun kanggo seminar tugas akhir pa. ".
Kemudian, sambil melanjutkan perjalanan, kami pun mengobrol, dan beliau memberikan sedikit saran .
Pa ojeg: "Cep, rerencangan bapa mah, kapungkur, upami seminar teh ngobrol heula pas seminar teh, tong langsung kana masalah".
saya: "ngobrol kumaha kitu pa?"(heran)
Pa ojeg: "Kawitna, masihan heula kisah" heula, teras tos seuseurian, nembe ka na masalahna". saya: "Kisah naon kitu pa?"
Pa ojeg: "kantos ngadangu kisah hakim warisan 19 gulden?"
saya: "teu acan Pa."
Pa ojeg: "Kieu cep, kapungkur aya tilu murangkalih nu di kantun ku bapana (maksudnya , bapanya meniggal). Bapa na teh ngawiatkeun warisan 19 gulden, pembagianana, putra nu kahiji satengah na, nu kadua saparapatna, teras nu katilu saperlima na. Tapi kenging di recehkeun. Murangkalihna teh baringung, kumaha carana ngabagikeun warisanana. Teras we sumping ka pengadilan. Saur acep, kumaha cing hakimna mutuskeun warisan eta?"
saya: "waduh, teu terang Pa" (sambil malu)

Kami sudah sampai di depan rumah, tapi karena cerita belum beres, kami meneruskan obrolan.

Pa ojeg: "Kieu cep, ku hakimna ditambihan 1 gulden. Janten 20 gulden kan? Nah, teras dibagikeun. Putra nu kahiji dipasihan 10 gulden, nu kadua dipasihan 5 gulden, nu katilu 4 gulden. Tos kitu, murangkalihna naroskeun, eta nu 1 gulden deui kumaha? Saur hakim teh, da ieu mah nu abdi. Hehe"(tertawa dengan tulus)

saya: "Aya-aya wae. Nuhun pisan, Pa"(sambil ikut tertawa)

Pa ojeg: "Sawangsulna cep, mugi-mugi lancar seminar na"

Kami pun berpisah

1 komentar:

Cima mengatakan...
Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.